Home » » lirik Nadzom detik-detik wafatnya Rosullullah nabi Muhammad SAW 1

lirik Nadzom detik-detik wafatnya Rosullullah nabi Muhammad SAW 1

Written By Syahmi farah herdiyansyah on Jumat, 01 November 2019 | 03.32


Nadzom detik-detik wafatnya Rosullullah

Bismilah abdi ngawitan
Meudal riwayat panutan
Waktos nabi bade mulih
Ti dunia ka rahmatullah
Rahmat salam kapanutan
Anu asih anu heman
Ka umatna anu iman
Jenengan nabi ti payun
Nabi muhammad panutan
Janteun utusan pangeran
Di dameul pangkat habiban
Nadom riwayat panutan
Waktos nabi bade ngantunkeun
Gera mangga darangukeun
Mugi wabihi nasta’in
Ya  rosullullah panutan
Waktos nabi bade mulih
Ti dunia ka rahmatullah
Kawitna tedamang payah
Sumping panyawatna subuh
Shohabat pada narangis
Abu bakar, umar utsman nangis
Nalangsa jeung melas meulis
Tangtuna bakal tunggeulis
Ali sareng hasan husein
Nangisna nalangsa pisan
Geutir nalangsa prihatin
Ku eyang bade dikantun
Sofiyah jeung maemunah
Aisyah sareng fatimah
Pada narangis teu geunah
Ningali rama tos ripuh
Lajeung kanjeng nabi mulih
Ti masjid semu ngereyeuh
Dituntun ku maemunah
Margi panyawat tos payah
Gusti allah miwarangan
Ku jibro’il direncangan
Ka alam dunia tumurun
Ka kanjeng nabi neupangan
Angkat sapada harita
Malakal maut rencangna
Dipiwarang nyabut nyawa
Ku gustiallah nu mulya
Malaikat dua makbul
Sumping ka bumina rosul
Lajeung ngaos uluk salam
Di jawab ku salam ta’dim
Ya rosulullah mustika
 Alaikum  salam wattaqwa
Ijli hada fil baiti
Saderek-saderek abdi
Gusti rosul nyaur deui
Ka malak jibril nu murni
Bari naros saha eta nu dicandak ku andika yeu malakal maut tea utusan allah nu mulya naha rek naon maksudna ku kaula teu kasangka naha maksud erek nyaba atawa rek nyabut nyawa ?
Malakl maut haturan seuja ngalayad panutan sareng kaulateh seja utusan allah nu mulya
Dipiwarang nyabut nyawa ka anjen nabi nu mulya
Malaikat nu dua nyaur ka nabi nu mulya
Ieu haturan ayatna ana fi mayyitin’tsumma
Iinnakum yaumal qiyamah ta’tasimuna minallah
Tigusti allah nu mulya di ngaos ku rosul nyata
Gusti rosul teras  nangis matak nalangsa jeung waas
Saparantos ngaos anak uninga yen bakal maot ku malaikat ditaros naha  geuning gusti nangis?
Gusti ulah melas meulis da parantos titis tulis
Gusti rosul ngawaleran
Ka  malaikat sauran

Share this article :

0 komentar:

Posting Komentar

Template information

Mengenai Saya

Foto saya
nama syahmi farah herdiyansyah adalah do'a dari kami orang tua agar menjadi wanita yang pandai, pintar, dan bijak, ngilmu ngiman,ngadab dan ngamal. amiiin
Diberdayakan oleh Blogger.
 
Support : Your Link | Your Link | Your Link
Copyright © 2013. SDN 2 Cikancas - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger