PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN
Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa
salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata
ila bilah. Ama ba’du
Hadirin rohimakumulloh
Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh
nu murbeng alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang
sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng
kasadaya umatna nu tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman.
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan
nyanggakeun wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup
lumur jembar hampura, bilih kirang tata titi duduga peryoga.
Hadirin rohimakumulloh
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya, jauh dijujugjug anggang
diteang paripaos nete akar ngeumbing jangkar, kumarayap dina gawir,
leueur-leueur kundang iteuk, poek-poek dadamaran, seja nyusul tepus bukur catur
nu kapungkur, asil sawala ti baheula, badanten anu ti payun, badami anu kamari,
kalayan kasunduk karujuk sesepuh, mupakat kadang warga. Samiuk sauyunan, saluyu
sapagodos yen pun anak anu wastana………………………… sareng tuang putri anu
nami………………….... anu parantos sami-sami pasini ti bihari jinis sareng jinis
dilaksanakeun sangkan ngahiji lalaki rabi. Kumargi kitu danget ieu kasanggakeun
jirim jinisna, anu baris janten papasangan tuang putri.
Hadirin Anu Mulya
Nanging Insya Alloh, sim kuring seren-sumeren teh ulang-along marga hina,
indit peuting miang beurang, labuh curug ragrag jurang, katinggang pangpung
dihakan maung, baliluna, wangkelangna, culangungna, nyanggakeun kana atikan
urang dieu, ka kotana, ka lautna, ka gunungna, teu rumaos leungit da sanes bade
dipingit. Bilih bade dipiwarang naktak mundak, nanggung sundung, ngala pangpung
ka gunung mangga teh teuing. Geutih na satetes, buukna salambar, ambekana
sadami, ti hareup sakiceup sieup,ti gigir sarincik manik, ti tukang saringkang
wayang, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, ti tengah-tengah
kahandap sajengkal tina bujal, dina waktos ayeuna sim kuring teu ngaraos
ngagaduh-gaduh deui, mangga nyanggakeun, saur paripaos rek dibeureum rek
dihideung sanaos rek sina macul sapeuting teu eureun-eureun oge, mangga teh teuing.
Bilih aya batu galieun, cadas tugareun da linggis mah tos sayogi.
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya
Mung Hapunten sim kuring masrahkeun teh saur pari paos: “ Daun jeungjing
jeung sandawa, di gantelan daun cula. Henteu jingjing henteu bawa, datang seja
kumawula.” Teu harta teu harti teu ka bisa, anggeuy-anggeuy mawa seureuh,
cunduk ukur mawa curuk, sumping ngan ngajingjing cinggir, datang ukur mawa
tarang, mangkaning curuk na ge curuk bengkung, cinggir nage cinggir garing,
tarang nage tarang lenang, kitu ge pinuh ku kesang, manggul kulit taktak
ngagagandong tulang tonggong, ngagembol nu sok ngompol. Kukituna saur pun anak
salaku calon panganten pameget cumarios ka simkuring: “Sok sanaos jalan rumpil,
regang cucuk saliara, kalandeuh bade ngeureuyeuh, kalamping moal teu sumping,
sanaos kedah di sinjang asal nyampak anu lenjang.” Kahayang mah nurutkeun galur
karuhun, mapay tapak wongatua, mung nyakitu galurna teu katuturkeun, tatana teu
kanyatakeun, lintang awi koneng saleunjeur, dihapit ku muncang kembar nu
ngagantung teu di tanggung, nu ngagawing teu dijingjing.
Hadirin Anu Mulya
Etang-etang tilam sono nyanggakeun kagegelan, ka asih sareng ka tineung,
panyombo kanu bahenol, ngupahan kanu lenjang, ngupah-ngapeh nu rancunit.
Nanging sih hapunten nu kasuhun da babantunan oge mung sakadarna, kukintuna
ulah ditingal barangna nanging ditingal tina niatna sumangga nyanggakeun.
Salajengna mangga urang sami ngadu’a mugi-mugi rumah tangga pun anak sing
raweuy beuweungeun, rambay alaeun, bari genjah ku pidu’a ti para sepuhna, tiasa
ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warohmah, kalayan kenging rido ti
gusti nu maha suci Alloh ilahi robbi. Birahi jadi pamatri, asmara jadi
pangjaga, jadi benteng nu tohaga dina ngawangun rumah tangga, teu ingkar ti
mardhotillah. Amin ya robal alamin.......................
Hadirin Anu Mulya
Panungtung catur pamungkas carita, bobo sapanon carang sapakang, paralun
ampun nu kasuhun, jembar hampura anu kateda.
Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh
PIDATO NAMPI PANGANTEN
Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismilahirohmanirohim,
alhamdulillahirobil alamin, asolatu wasalamu ala sayidina muhammadin wa ala
alihi wasoh bihi ajmain, Ama Ba’du.
Hadirin rohimakumulloh
Nu utama dina munggaran cumarita lintang ti mangga urang sadaya, Muji
syukur kanu agung, ngadu’a kanu kawasa, anu parantos maparinan kanikmatan
sareng kabarokahan ka urang sadaya, dina danget ieu urang tiasa patepung
lawung, patepang raray, riung mungpulung silaturahmi dina ieu pajemuhan. Rohmat
sareng salam mugi tetep ngalir ka kanjeng Nabi jungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad S.A.W. ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka umatna nu taat
kana ajaranana dugi ka akhir Zaman.
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya
Alhamdulillah sim kuring atas nami kulawargi panganten istri ngahaturkeun
sewu nuhun laksa ketikabingahan ku kasumpingannana para sepuh miwah wargi
sadayana. Purwana kalayan di pitembeyan kuhatur pangbagea, jalaran puguh
ditunggu-tunggu ti kapungkur, dianti-anti ti kamari kiwari sumping, hatur nuhun
kasadayana. Ngahaja sim kuring ngulem tatangga nu caraketna nu tarebihna, tinu
anggang datang, tinu tebih sumping, tinu jauh rawuh, mangga bae tingali sanes
bae para sepuh nanging bujang-bujang garandang, mojang-mojang lalenjang,
parantos sami hempak merbayaksa. Sim Kuring sapiriumpi estu asa kagunturan madu
ka urugan menyan putih, bingah amarwatasuta bingahna kagiri-giri bingah tanpa
wates wangena, kuningali aleutan nu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat
nyatang pinang, saur kidalang mah lir sela sibalakitik, lir sireum bijil tina
batu.
Hadirin Anu Mulya
Cenah eta nyandak bedog nyandak linggis sareng sagala rupina mani
angkaribung, sim kuring sakulawargi ngahaturkeun nuhun pisan. Nanging
sayaktosna mah da sanes barang jingjing nu di pambrih, da etamah sakadar adat
biasa talin paranti bihari, nu penting mah ati suci anu wening janglar manah ti
sadayana. Sawangsulna simkuring nampi teh ukur tiasa nyalikeun, teu sasayagian
naon-naon, henteu pusak-pasak, teu nguah-ngaeh, nu disayagikeun teh ukur
balungbang timur, bulang-baling balungbang bala biwirna.
Hadirin rohimakumulloh
Majar teh nyandak bedog sareng linggis, estu kukaleresan pisan. Di dieu mah
mung gaduh pasir nu bulistir, leuweung leutik lebak jero, areuy kembang geusan
muntang. Asep bilih hidep ngarasa hanaang, kapan aya dewegan keur ngaleueut,
peueut nu matak kareueut, gula kawung amis sapasi. Mun engke ngaraos lapar ulah
ringrang salempang, margi sangu koneng geus nalengtong, lalab leunca geus sadia,
paisan mangga dibuka, bakakak hayam geus nembrak.
Hadirin Anu Mulya
Sakitu nu kapihatur, bilih ngalantur loba catur tanpa bukur, bilih aya
carios kirang patotos, pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang
sapakang, margi tebih tina marganing utami, tina sagala katunaan miwah
kasudaan, pamugi sarebu teu janten bendu kalbu, salaksa teu rengat manah,
wening galih nu dipambrih, paralun ampun anu kasuhun, jembar hampura anu kateda
ti lahir dugi ka batin.
Dipungkas Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi
wabarokatuh
ABASAN PAMASRAHAN BAKAL
PANGANTEN PAMEGET.
Ass. Wr. wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur, anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.
Sholawat salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-mukaromah, biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu sa’at, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa ………………….. kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah, ka kasih ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan, bilih rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan pamugi Alloh SWT ngersakeun maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal ‘alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu keur mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran, sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka lebet kebon patamanan kagungan bapa……… didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan, kapentang mamaras rasa. Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun keusik naek kalapa tonggoheunnana, Jang …….. daek, Nenk ………… daek, sami sami pada bogoheunnana, saumpami heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening taman teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu pamugi widi, seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu bagja tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang, balebat mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih, antawis Jang ……. Ka Neng …… pinasti rintih ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Bapa …… nyaeta sepuh calon bakal panganten pameugeut, neda panyaksen ti sadayana kalayan ucapan BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang ………. Ka pangersa bapa kalih ibu ……… kanggo di dahupkeun ka tuang putrid anu wastana Neng ………
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah nyanggakeun teh mung nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar, getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea mah:
Ditekuk maung,
Katinggang pangpung,
Ilang alang marga hina,
Sumangga seja nyanggakeun….
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi aya anu dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka tuang putrid didieu, pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja I’tidar sanduk-=sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum nu maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya basa kirang merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur pangapunten, neda jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna mangga sapurati ngahatutkeun.
Wass. Wr. Wb.
BABASAN PANAMPIAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET TI PIHAK BAKAL PANGANTEN ISTRI.
Ass. Wr. Wb
Ku aosan bismillah alhamdu;lillah nyanggakeun pujian ka dzat anu maha heman, anu parantos ngelelerkeun kani’matan nu ageungna nu alitna dipasihkeun ka urang sadayana, terutamina ni’mat Iman sareng Islam.
Ku aosan syahadataen urang be’at, ti dunya parat nepi ka akherat, sahingga Iman urang jadi kuat, siga batu karang dilautan, najan angin topan reujeung ombak ngamuk, ngabenturan batu karang, pikeun muslim mah teu aya deui rumus iwal ti nyodorkeun awak na!
Sholawat miwah kawilujeungan, pamugi salamina dilelerkeun ka panutan alam habibana wa nabiyana Muhammad SAW. Ka kulawargina miwah sahabatna, sareng ka jalmi anu tumut ka mantena kalebet urang sadayana.
Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para tatamu uleman sadayana, utamina calon besan, pangersa al-mukarom al-mukaromah bapa kalih ibu sepuhna bakal pameget, teu kakantun sesepuh rombongan, miwah sadayana rombongan rohimakumulloh.
Nuhun sarebu kali nuhun, gerah salaksa kabingah, sarehna sim abdi kalawan asmana pangersa bapa ……… sakalih, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingannana. Jazaakumulloh bi ahsanil jazaa.
Kalih perkawis sim abdi teh upami sanggem paripaos tea mah, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, saat ieu kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa …………………..sepuhna calon panganten istri, kanggo ngadugikeun 1. Kasadayana anu sumping, ngahaturkeun sewu panuhun, sarehna ku rawuhna sadayana, mangrupikeun kahurmatan anu utami, sim abdi kalan asmana bapa ……… estu janteun kasugema’an manah, natak teleb kana lelembutan, katampi ku astakalih kasangga ka hingga murda, pamugi ginanjar lebeting nugraha tinu maha kawasa.
2. penghormatan anu kasanggakeun, ku pangangkeun sareng ku pitempatan, kieu buktosna anu tiasa kahaturkeun, kantenan ku tuangen sareng ku leu’euteun moal tiasa nyugemakeun, sadayana ieu taya maksad ngalungsurkeun martabat sareng kahurmatan, rupina saat ieu mung sakieu kakiatan tinu maha suci anu katampiku kulawargi sim abdi.
3. silatuahmi ti sadayana kalintang pisan ditampina, pamugi janteun tatali asih, nga eratkeun tali mimitra’an ka insanan, lungsurna utami ka islaman, sadayana kengig faedah silaturrohmu. Amiin!!!.
4. kasadayana bae utami ka bakal besan sumeja unjuk kapihatur sarehna dirorompok teh gaduh mojang anu nuju mangkak nangtang seuseup, lir ibarat kembang campaka nu nembe linggar, ma’lum nu tos janteun bakat, endah bawana ngajadi, sumawur wangining arum, arum-arum sekar wangi, wangi nu katebak angin, ka angseu ku hiji jajaka, jajaka nu keur mejehna remaja putra, kumalayang gumeleber, mapai-mapai laratan qodar pangeran, sumiriwik taqdir, ti ajali, siga nu milari tempat nyeuseup.
Salajeungna pun anak, ma’lum kiat ku kahoyong, mana leweh kalah waleh, wawartos ka sim abdi hoyong pangmilarikeun pang mapagkeun, kana kituna ma’lum “batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunnana, Neng …….. purun, Jang ……… sami purun, tegesna pada bogoheunnana.hoyong kauntun tipung, katambang beas kapalupuh nangtung kapiduriat laksana sapaneja.
Alhamdulillah ngalangkungan pamasrahan ti asmana kasepuhan bakal besan ka kuping ku sim abdi, teleb kana lelembutan, estu janten kasugemaan, ditampi ku asta kalih kasangga ka lingga murda.
Beu ujang anaking di tampi ku apa, ku amah miwah sadaya kulawargi ditampi, tiluhur sausap ketu, tihandap sahibas sapatu, tigigir sabudeur baju, hideup jadi putra bapa anu anyar, moal di benteun-benteun, prak geura niatan rumah tangga teh seja ‘ibadah ka Alloh, demi ngalaksanakeun parentah Alloh, seja milari ridhona alloh, sabab ieu kajadian the Ta’tsir Qudrot Irodat Alloh.
Insya alloh saumpamina hideup kitu paniatan moal sa’at ku ganjaran, moal leungit kasonoan, rumah tangga bakal harmonis, pinuh ku katentreman, moal bakal “habis manis sepah dibuang”, tapi bakal “ habis manis sepah kepah”, keur meuhneur ‘ibadah ku neuhneurna, tos peot ‘ibadah ku peotna, salamina moal leungiteun lapangan ‘ibadah.
Cenah eta panganten heunteu barang candak barina oge hawatos teuing panganten barang candak mah, nu peryogina mah barang anu kacandak bae, pesenan kanggo pun anak, duka naon jenenganna mah, parioskeun bae engke ku Neng ……. Kanu nyandakna.
Pamungkaas caarios, kana sagala pamasrahan abdi kalawan asmana sepuh bakal panganten istri, nampi kalayan ku kabingahan, bakal panganten pamegeet bade enggal di istrenan, mangga sakseni ku sadayana, sodaqohna oge ditampi.
Kana kakirangan sareng kalangkungan dina panampianna, reka basa anu kirang mernah, ngukir catur nu teu ka ukur, matak ngagaris kana ati, matak rengat kana manah, neda tawakuf sareng hapunteuna, mugia sadayana kersa ngamparkeun lautan pangaksami, kana perhatosannana ngadugikeun: jazaakumulloha biahsanil jaza.

Contoh MC/Pembawa
Acara Tahlilan
Salam Jenggirat Tangi…
Selamat Datang Di Padepokan Mas Say Laros…
بسـم الله الرحمن
الرحيم
الحمدللّه الّذى خلق
الحيوة و الموت
اشهدان لااله الاّالله
وحده لاشريك له واشهدانّ محمّداعبده ورسوله. اللّهمّ صلّ وسلّم وبارك على
سيّدنا محمّد وعلى اله وصحبه اجمعين
امّابعد
Bismillaahirrahmaanirrahiim, alhamdulillaahilladzii khalaqalhayaata wal
mauut, Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu
anna muhammadan ‘abduhuu wa rasuuluh. Allaahumma shalli wa sallim wa baarik
‘alaa sayyidinaa muhammadin wa ‘alaa aalihii wa shahbihii ajma’iin. Ammaa
ba’du.
Almukarromun para ‘alim ulama, para kiyai, bapak-bapak dan saudara-saudara
jam’iyah tahlil yang dimulyakan Allah.
Marilah kita bersama-sama memanjatkan puji syukur kita kehadirat Allah SWT
yang menciptakan hidup dan mati. Sholawat dan salam semoga tetap terlimpahkan
kepada junjungan kita nabi besar Muhammad saw, pada keluarganya, para
sahabatnya, dan kepada ummatnya hingga akhir zaman.
Kami atas nama shohibul bait Bp/Ibu. ……………………. sekeluarga, menyampaikan
terima kasih atas kehadirannya dalam acara Sambung Do’a bertepatan dengan …….
Hari meninggalnya :
Almarhum / mah ………………………………
Untuk itu kami mohon bantuan barokah Fatihah, pembacaan surah Yaasiiin, dan
do’a Bapak-bapak dan Saudara-saudara, mudah-mudahan barokahnya tercurahkan
kepada kita semua khususnya kepada almarhum / mah ………………..
Dengan harapan mudah-mudahan almarhum / mah senantiasa mendapatkan ampunan
Allah, dijembarkan kuburnya, diterangkan kuburnya dan dimasukkan ke dalam
golongan orang-orang yang beruntung dari ummat nabi Muhammad saw.
Demikian pula semoga keluarga yang ditinggalkannya senantiasa diberikan
kekuatan iman dan islam, diberikan kesabaran, ketabahan dan tetep tawakkal
kepada Allah SWT.
Serta bagi kita semua, mudah-mudahan apa yang kita laksanakan bersama ini
akan membuahkan rahmat dan nikmat fiddunya wal akhirah, aamiin yaa robbal
‘alamiin.
Hadirin yang jam’iyah tahlil yang dimulyakan Allah, dalam pelaksanaan
Sambung Do’a ini , kami susun acara-acara sbb:
1. Pembukaan
2. Tawassul
3. Pembacaan Surah
Yaasiiin
4. Pelaksanaan Tahlil
5. Do’a
6. Penutup
Alhamdulillah
Usai sudah pelaksanaan Sambung Do’a ini mudah-mudahan senantiasa
mendapatkan keridloan Alloh SWT,
Kami atas nama shohibul bait menyampaikan terima kasih yang
sebesar-besarnya.
Serta mohon ma’af atas segala kekurangan yang ada.
Teriring do’a semoga kesejahteraan, keselamatan dan barokah Allah
senantiasa tercurah kepada kita semua, aamiin.
Billahittaufiq wal hidayah, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
0 komentar:
Posting Komentar